ANGIN PANGBEJAKEUN !!

Angin pang bejakeun !

Sora saha nu nginghak !?

basa ieu suku lumampah,

meulah peuting nu simpe !.

Harewoskeun ka manehna ,

cipanon hamo bisa ngarobah

kembang nu geus muruluk ngarangrangan.

Peupeujeuh tong dibejaan rek kamana kuring lunta .

Sabab peta hirup geus rajet ,

jadi silalatu nu mumbul ngawang-ngawang,

mancawura neangan karep sewang-sewangan .

Cimahi,20 Juni 2011